Carita nu Saenyana.(dina raraga mieling Kota Bandung)
Ku: Elis Tating Bardiah.
^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^^
Ujang, Nyai..
Poma, tong mohokeun kana carita lemah cai nu kungsi dipinuhan cai
Tangkuban parahu geusan nyangcang caahna awak citarum purba
Dina sajeroning tingkeban waktu ti zaman Holosen
nepi ka dayeuh nu nyangking ngaran soreang
ngabandeng ngabadega teu bisa miang
rongheapna tegal kakara punjul beh dieuna zaman neolitikum nu nyurungkuy
Ujang, Nyai..
Kahade, tong mohokeun kana carita lemah cai nu kungsi dipinuhan ku Priyayi
Tatar ukur katelah di hiji Karajaan Pajajaran nu mayunganna.
Tapi teu lila kagaleuy tur kagileus ku rohakana Sumedang Larang
Tah! Prabu Geusan Ulun nu matak nyeraban paningalina
Eta oge ngan sakoteap dilalab jangjang pangawasana Sultan Agung nepi Dipati Ukur baruntak
Ujang, Nyai..
Poma, tong poho kana carita lemah cai nu kungsi diparentah ku Walanda
Bule Walanda mirig kawasa Mataram
antukna Bandeng nu kiwari Bandung ngahenen di Karapyak anu ayana di belah kidul
Cai ngeueum wae di Karapyak (Dayeuh Kolot)
sugan mah kudu diungsikeun ka belah kaler di Cikalintu (Cipaganti)
Didinya teu betah, nyered ka Hilir Balubur
Dina wanci Daendels nyocogkeun iteuk di sasak cikapundung (Asia Afrika) bari jeung sasauran: ”Zorg, dat als ik terug kom hier een stad is gebouwd!” (Prak! perenahkeun. Mun pareng kawula datang kudu geus aya dayeuh nu linuhung).
Ujang, Nyai..
Tah eta teh, carita nu saenyana asal muasal lemah cai urang
Wanci panyocogan iteuk eta nepi ka ayeuna dipieling
jadi poe milangkalana Bandung anu pernah ngadahup rupa Gemeente (kotapraja).
Bandung, 9 Oktober 2010.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar